Mangga tingal para pameget Muslim ieu nuju midamel drama kasopanan ku cara teu sasalaman sareng para istri.
Dina hiji sisi, Islam ngajantenkeun kahirupan para istri sesah kalayan nami “Hijab and Decency حياء”, sareng sacara praktis mênjarakeun anjeunna di bumina, sarta megatkeun hubunganana sareng dunya luar, anjeunna bahkan teu tiasa nyarios sareng pameget sanes, sarta upami kapaksa kedah nyarios, anjeunna kedah nyarios ku sora anu teges/heuras.
Nanging dina sisi sanesna:
- Nabi Muhammad oge nyaram para istri abdi (budak beulian) kanggo nganggo Hijab sarta bahkan bagian dada aranjeunna diantepkeun kabuka di payuneun umum (link).
- Sareng diwidian oge kanggo nyabak bagian-bagian salira aranjeunna.
- Nabi Muhammad ku anjeun biasa mapay jalan di payuneun umum bari nyepeng panangan abdi istri kagungan jalmi sanes ku panangan anjeun.
Anas bin Malik ngadawuh, "Saha wae di antara abdi istri di Madinah tiasa nyepeng panangan Rasulullah sarta nyandak anjeunna ka mana wae anu dipihoyong ku anjeunna."”
Mugi diimutkeun yen abdi istri ieu oge aya di dinya kalayan bagian dada anu kabuka, anu ngajantenkeun perkawis ieu langkung rumit.
Naha Nabi Muhammad kedah nyepeng panangan anjeunna ku panangan anjeun? Naha aranjeunna teu tiasa angkat-angkatan di kota tanpa silih cepeng panangan? Abdi-abdi istri teh pan henteu nuju teu damang, dugi ka Nabi Muhammad kedah maparin panangan kanggo panyoko mapah.
Riwayat anu sami ieu oge nyampak dina Sunan Ibn Majah.
Sunan Ibn Majah, Hadith 4177:“Sumpama hiji abdi istri di antawis penduduk Al-Madinah nyepeng panangan Rasulullah, anjeunna moal ngaleupaskeun pananganana tina panangan abdi istri eta dugi ka anjeunna parantos nyandak Rasulullah ka mana wae anu dipihoyong di Al-Madinah sangkan kaperluanana tiasa kacumponan.”Tingkat: Sahih (Darussalam) sareng Sahih (Albani)
Perkawis anu sami ieu oge dina saterasna lebet kana Fiqh, di mana jalmi diwidian kanggo nyabak bagian-bagian salira abdi istri non-Mahram anu katingal (nyaeta sakujur salirana kajaba ti udel dugi ka tuur). Kitab Fiqh Hanafi anu otentik Fatawa Alamgiri nyerat (link):
Teu diwidian kanggo ningal bagian antawis udel sareng tuur abdi istri kagungan batur. Sedengkeun kanggo sasesana tina salirana, teu aya deui karingrang kanggo ningalina … Tambih deui, NYABAK bagian-bagian salirana anu diwidian kanggo ditingal oge diidinan, salami teu aya kasieun timbulna syahwat atanapi gogoda boh kanggo dirina boh kanggo eta istri.
Naha bet aya dua hal anu papalingpang teuing sapertos kieu?
Dina hiji sisi, sanes mung buuk wungkul, nanging sakujur salira istri anu merdeka dipenjara dina Jilbab. Atanapi anu langkung paitna deui, anjeunna sacara praktis dikurung di jero opat bilik bumi. Anjeunna kapaksa kedah ngajalanan kahirupan anu teu lumrah, di mana anjeunna bahkan teu diwidian kanggo nyarios sareng pameget.
Nanging dina sisi sanesna, bahkan dada para abdi istri diantepkeun kabuka. Sareng para palanggan bahkan tiasa nyabak bagian-bagian sénsitipna sapertos domba sareng sato ingon-ingon. Sareng Nabi Muhammad oge mapah bari nyepeng panangan abdi istri kagungan jalmi sanes.
Sumuhun, ieu mangrupikeun dua hal anu papalingpang teuing.
Ieu kajantenan nalika teu aya Allah di luhur langit, sareng manusa anu gaduh tingkat kecerdasan sapertos Muhammad kedah midamel wahyu ku nyalira.
Alesan Kaum Islamis: Nabi Mung Marahmay ka Abdi Istri
Waleran Urang:
Ieu mangrupikeun alesan anu teu pantes, jalaran Nabi Muhammad tiasa marahmay ka aranjeunna sareng nyarengan ka mana wae tanpa kedah nyepeng panangan abdi istri anu sanes Mahram.
Sabalikna, seueur pisan para pameget ayeuna anu oge hoyong marahmay ka para istri ku cara nyepeng pananganana. Kunaon atuh anjeun teu ngawidian para pameget eta kanggo marahmay dinten ieu?
Alesan Kaum Islamis: Panangan Tiasa Dicepeng Upami Budak Istri Teu Matak Pikabitaeun
Situs fatwa anu pangageungna, Islam QA, midangkeun alesan ieu (link):
Dina perkawis budak istri anu dianggap henteu pikabitaeun, nyaeta jalmi anu yuswana di handapeun tujuh taun, teu aya perkawis kanggo ningal atanapi sasalaman sareng anjeunna.
Waleran Urang:
Alesan ti kaum Islamis ieu ibarat nuju nyobian nutupan hiji kabohongan ku saratus kabohongan sanesna.
Patarosanana nyaeta: "Saha anu kedah nangtukeun naha saurang budak istri eta dianggap pikabitaeun atanapi henteu?"
Sanyatana, jalan pamikiran ieu asalna tina alesan sanesna deui, di mana Syariat Islam nyaram abdi istri nganggo hijab, ku sabab ningal hijab salaku kahormatan sareng hak anu dikhususkeun kanggo istri Muslim anu merdeka wungkul. Kanggo menerkeun hal ieu, kaum Islamis nyebatkeun yen Syariat nyaram abdi istri nganggo hijab jalaran padamelanana sareng kirangna parawatan kageulisan, aranjeunna janten "henteu pikabitaeun" sareng kirang narik ati [LINK]
Duanana alesan eta teh ringkih, sarta akal sehat anu saderhana oge cekap kanggo ningal kabohonganana.
Alesan Kaum Islamis: Silih Cepeng Panangan Mung Saukur Kiasan
Situs fatwa pangageungna, Islam QA, salajengna midangkeun alesan sanesna deui (link):
Aranjeunna (nyaeta para ulama Islam) henteu napsirkeun perkawis nyepeng panangan anu disebatkeun dina hadith ieu salaku harti saleresna tina silih cepeng panangan. Ieu mangrupikeun gaya basa (kiasan) anu dipikaterang dina basa Arab, sapertos dina doa “Allahumma khudh bi aydina ilayka” (hartina sacara harfiah “Duh Allah, cekep panangan abdi sadaya sarta pituduhkeun abdi sadaya ka Gusti (ka jalan Gusti)”), anu hartosna: Pasihan abdi sadaya kakuatan kanggo tunduk ka Gusti – jalaran nalika saurang jalmi nyepeng panangan salira, salira parantos tunduk ka anjeunna.
Waleran Urang:
"Konteks" Hadith di Bukhari nyalira parantos cekap eces yen eta sanes mangrupikeun kiasan, nanging dianggo dina harti saleresna tina silih cepeng panangan, nalika Nabi Muhammad "nyata ayana sacara fisik", sarta duanana "nyata nuju mapah" di Madinah.
Sedengkeun dina doa, konteksna ngajantenkeun eta salaku kiasan, di mana Allah "henteu aya sacara fisik", sarta jalan ka anjeunna oge "henteu aya sacara fisik".
Dina basa Persia, disebatkeun: عذر بدتر از گناه anu hartosna: "Alesan tina hiji dosa teh langkung awon tibatan dosana sorangan."
